sumedang

PERLUNA PARA RUMAJA NGAMUMULE BASA SUNDA DINA RARAGA NGAMEKARKEUN BUDAYA NASIONAL (2)

Kacida deudeuhna lamun jaga anak incu urang basa Sundana deet pisan, kabeungharan kecapna bisa diitung ku ramo, komo kamampuan ngarang dina basa Sunda jeung ngapresiasikeun sastra Sunda. Kacida ngagerihna hate urang jeung karuhun-karuhun urang lamun anak incu urang teu nyahoeun deui saha ari udeg-udeg teh, naon ari lengkob, ngaseuk, sapocong, wanci pecat sawed, usum ngijih, jamotrot, bocokol, pagupon, paranje, teu bisa ngabedakeun antara boga, gaduh, jeung kagungan. Boa-boa lamun hayang diajar basa Sunda jeung sastra Sunda oge kudu ngulik ka mancanagara, ka Walanda, kusabab di Indonesia euweuh ahlina. Atuh basa Sunda teh kari waasna wae, kari sajarah, yen di tatar Sunda, di Jawa Barat teh baheulana marake basa Sunda. Deudeuh teuing Ki Sunda.
Sakali deui kuring umajak, ngamumule basa Sunda teh lain tanggung jawab pamarentah wungkul, lain tanggung jawab sastrawan jeung budayawan Sunda wungkul, tapi tanggung jawab urang sarerea, para rumaja. Saha deui nu baris ngajaga hirup-huripna, ngariksa, miara basa Sunda teh iwal ti urang. Lamun urang ngamumule basa Sunda lain hartina urang primordialis atawa provinsionalis, tapi urang geus ngajaga jeung ngamekarkeun budaya daerah, budaya nasional, geus milu partisipasi dina pangwangunan PJP II utamana di Jawa Barat.
Basa Sunda teh milik urang, milik urang Sunda, milik nagara Indonesia. Maju mundurna basa Sunda, mekar henteuna basa Sunda gumantung ka urang, para rumaja.
Mung sakieu biantara ti simkuring. Hapunten pami aya cariosan anu kirang merenah dina manah. Hatur nuhun ka sadayana.
Assalamualaikum Wr. wb.
[Naskah pidato dikonsep dan dibuat sendiri, dengan melihat sumber-sumber, diketik menggunakan mesin tik manual sebanyak tiga lembar kertas folio, dihapalkan di luar kepala, disampaikan pada Lomba Pidato Basa Sunda antar pelajar se-Jawa Barat tahun 1994 yang diselenggarakan Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda Universitas Padjadjaran. Alhamdulillah menjadi juara umum.]

Share/Save/Bookmark

Tags: , , ,

Leave a Reply

You must be logged in to post a comment.


© 2009 100% tinu henpon,euy! All Rights Reserved